Sunday, May 10, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Kustian - Desa Jadi Kota

Kustian - Desa Jadi Kota

Kustian - Desa Jadi Kota

Tah didinya
Baheula mah saur ema saur bapa
Aya lembur singkur
Aya kebon sawah
Susukan na hérang
Tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan

Tuh diditu

Baheula mah saur ema saur bapa
Gunung leuweung héjo
Matak nineung waas
Réa sasatoan
Tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan

Ayeuna mah

Béda jeung baheula
Rupa désa
Geus robah ngajadi kota

Na kamana kebon sawah

Nu ngeplak mapaés éndah
Na kamana ci susukan
Nu hérang cai ngagenclang

Na kamana gunung leuweung

Nu subur ku tatangkalan
Jeung kamana sasatoan
Nu réang ting patémbalan

Na kamana

Kiwari tinggal carita

Tah didinya

Baheula mah saur ema saur bapa
Aya lembur singkur
Aya kebon sawah
Susukan na hérang
Tempat urang kokojayan
Arulin jeung babaturan

Tuh diditu

Baheula mah saur ema saur bapa
Gunung leuweung héjo
Matak nineung waas
Réa sasatoan
Tempat paniisan urang
Arulin jeung babaturan

Ayeuna mah

Béda jeung baheula
Rupa désa
Geus robah ngajadi kota

Na kamana kebon sawah

Nu ngeplak mapaés éndah
Na kamana ci susukan
Nu hérang cai ngagenclang

Na kamana gunung leuweung

Nu subur ku tatangkalan
Jeung kamana sasatoan
Nu réang ting patémbalan

Na kamana

Kiwari tinggal carita





Hatur nuhun.

No comments:

Post a Comment