Saturday, June 20, 2015

Download Lagu Pop Sunda - Bah Dadeng - Aisan Indung

Bah Dadeng - Aisan Indung

Bah Dadeng - Aisan Indung




Upami hoyong ngupingkeun lagu na Bah Dadeng - Aisan Indung, mangga klik link download dihandap:




Hatur nuhun.

Tuesday, June 16, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu

Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu

Doel Sumbang - Bulan Batu Hiu

Bulan nu ngagantung
Di langit Batu Hiu
Tinggal sapasi
Sésa purnama kamari

Urang duaan

Anteng sosonoan
Suka bungah
Sagala rasa dibedah

Bulan nu ngagantung

Di langit Batu Hiu
Tinggal sapasi
Sésa purnama kamari

Ikrar jangji

Sahidup samati
Moal khianat
Insya Alloh moal pegat

Dina ruang haté

Nu aya ukur salira
Dina ruang haté
Pasti ngan ukur salira

Bulan di langit Batu Hiu

Sésa purnama kamari
Bulan sapeupeuting nyaksi
Nyepeng rusiah
Moal betus pasti

Bulan nu ngagantung

Di langit Batu Hiu
Tinggal sapasi
Sésa purnama kamari

Ikrar jangji

Sahidup samati
Moal khianat
Insya Alloh moal pegat

Dina ruang haté

Nu aya ukur salira
Dina ruang haté
Pasti ngan ukur salira

Bulan di langit Batu Hiu

Sésa purnama kamari
Bulan sapeupeuting nyaksi
Nyepeng rusiah
Moal betus pasti

Bulan Batu Hiu

Sésa purnama kamari
Bulan sapeupeuting nyaksi
Nyepeng rusiah
Moal betus pasti

Bulan Batu Hiu

Sésa purnama kamari
Bulan sapeupeuting nyaksi
Nyepeng rusiah
Moal betus pasti




Hatur nuhun.

Monday, June 15, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Doel Sumbang - Kumalayang

Doel Sumbang - Kumalayang

Doel Sumbang - Kumalayang

Aku tersenyum kamu tersenyum
Aku menangis kamu menangis
Kamu tersenyum aku tersenyum
Kamu menangis aku pun menangis

Kuring asa kumalayang

Di awang-awang
Antara bulan jeung béntang

Aku tersenyum kamu tersenyum

Aku menangis kamu menangis
Kamu tersenyum aku tersenyum
Kamu menangis aku pun menangis

Kuring asa kumalayang

Di awang-awang
Antara bulan jeung béntang

Kuring jeung manéhna

Pinuh katrésna
Dina tibelat ku rasa suka

Kuring jeung manéhna

Pinuh katrésna
Dina tibelat ku rasa cinta

Kuring asa kumalayang

Di awang-awang
Antara bulan jeung béntang

Aku tersenyum kamu tersenyum

Aku menangis kamu menangis
Kamu tersenyum aku tersenyum
Kamu menangis aku pun menangis

Kuring asa kumalayang

Di awang-awang
Antara bulan jeung béntang

Kuring jeung manéhna

Pinuh katrésna
Dina tibelat ku rasa suka

Kuring jeung manéhna

Pinuh katrésna
Dina tibelat ku rasa cinta

Kuring asa kumalayang

Di awang-awang
Antara bulan jeung béntang




Hatur nuhun.

Sunday, June 14, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Darso - Duriat

Darso - Duriat

Darso - Duriat

Dina haté kuring, anjeun cicing
Dina haté anjeun, kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Patingkuriling néangan lawang
Patingkaletrok kana panto haté
Tapi ku urang teu dipaliré

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa diaya-aya
Duriat datang na henteu kapaksa

Dikotrétkeun dina haté tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Diaping dijaring kuurang duaan
Dijaga diriksa kurasa kahéman

Dina haté kuring, anjeun cicing
Dina haté anjeun, kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Patingkuriling néangan lawang
Patingkaletrok kana panto haté
Tapi ku urang teu dipaliré

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa diaya-aya
Duriat datang na henteu kapaksa

Dikotrétkeun dina haté tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Diaping dijaring ku urang duaan
Dijaga diriksa kurasa kahéman




Hatur nuhun.

Friday, June 12, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Doel Sumbang - Mawar Bodas

Doel Sumbang - Mawar Bodas

Doel Sumbang - Mawar Bodas

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capé na
Sabab aya nu ditéang
Hujan angin dordar gelap
Henteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ke tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas 
Nu moal lila kaala
Sugan téa moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik téh asa horéam
Leumpang gé asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadi na
Lamun bakal nyeri haté
Horéam teu sudi teuing
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capé na
Sabab aya nu ditéang
Hujan angin dordar gelap
Henteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing

Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu dituju
Rék ngalongok mawar bodas 
Nu moal lila kaala
Sugan téa moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik téh asa hoream
Leumpang gé asa ngalayang

Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadi na
Lamun bakal nyeri haté
Horéam teu sudi teuing
Néangan pipanyakiteun
Néangan pipanyakiteun



Hatur nuhun.

Thursday, June 11, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Doel Sumbang - Awewe Sapi Daging

Doel Sumbang - Awéwé Sapi Daging

Doel Sumbang - Awéwé Sapi Daging

Aya awéwé jaman ayeuna
Ngaku awéwé modern
Berkarir penuh obsési
Sagala hayang siga lalaki

Cenah émansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis beurang peuting
Bisnis naon suka téh teuing

Salaki di imah
Ngajaga tulak panto
Anakna diasuh 
Cukup ku suster jeung babu

Hayangna mobil méwah
Ngabélaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki
Cenah duitna teu cukup waé

Emas berlian reunceum
Ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah
Ti rupa-rupa bayawak

Awéwé nu kieu
Lain awéwé modern
Tapi sapi daging
Peunciteun tukang jagal

Nganut émansipasi
Kaluar tina aturan
Montong ngalawan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad

Aya awéwé jaman ayeuna
Ngaku awéwé modern
Berkarir penuh obsési
Sagala hayang siga lalaki

Cenah émansipasi
Bari uteukna teu ngarti
Bisnis beurang peuting
Bisnis naon suka téh teuing

Salaki di imah
Ngajaga tulak panto
Anakna diasuh 
Cukup ku suster jeung babu

Hayangna mobil méwah
Ngabélaan jadi runtah
Ngarepkeun ti salaki
Cenah duitna teu cukup waé

Emas berlian reunceum
Ngaku bati tina bisnis
Padahal mah hadiah
Ti rupa-rupa bayawak

Awéwé nu kieu
Lain awéwé modern
Tapi sapi daging
Peunciteun tukang jagal

Nganut émansipasi
Kaluar tina aturan
Montong ngalawan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad

Awéwé nu kieu
Lain awéwé modern
Tapi sapi daging
Peunciteun tukang jagal

Nganut émansipasi
Kaluar tina aturan
Montong ngalawan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad

Awéwé nu kieu
Lain awéwé modern
Tapi sapi daging
Peunciteun tukang jagal

Nganut émansipasi
Kaluar tina aturan
Montong ngalawan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad

Awéwé nu kieu
Lain awéwé modern
Tapi sapi daging
Peunciteun tukang jagal

Nganut émansipasi
Kaluar tina aturan
Montong ngalawan kodrat
Bisi ngadon jadi bejad



Hatur nuhun.

Wednesday, June 10, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Doel Sumbang - Mumun

Doel Sumbang - Mumun

Doel Sumbang - Mumun

Loba nu nganjang ka Mumun
Loba nu resep ka Mumun
Loba nu bogoh ka Mumun
Loba nu gélo ku Mumun

Rumasa Asép ogé suka
Ngadadak ngagedur rasa cinta
Rumasa ngan Asép rumasa
Rék naon anu disogrogkeun

Kurunyung Oji jeung Mércy
Jol Udin mawa BMW
Datang Dodo mawa Volvo
Ana mawa Toyota

Rumasa Asép mah teu boga
Rumasa Asép sangsara ku dunya
Rumasa modal ukur cinta
Ditambah nawaétu rék satia

Mumun milih mana
Mu Mu Mu Mumun milih saha
(Kang Asép tong cangcaya
Mumun pasti milih didinya)

Ngagebray dunia jadi caang
Asa kugarenah pipikiran
Saré tibra dahar mirasa
Nyata cinta teu kabéh ningali dunya

Loba nu nganjang ka Mumun
Loba nu resep ka Mumun
Loba nu bogoh ka Mumun
Loba nu gélo ku Mumun

Rumasa Asép ogé suka
Ngadadak ngagedur rasa cinta
Rumasa ngan Asép rumasa
Rék naon anu disogrogkeun

Kurunyung Oji jeung Mércy
Jol Udin mawa BMW
Datang Dodo mawa Volvo
Ana mawa Toyota

Rumasa Asép mah teu boga
Rumasa Asép sangsara ku dunya
Rumasa modal ukur cinta
Ditambah nawaétu rék satia

Mumun milih mana
Mu Mu Mu Mumun milih saha
(Kang Asép tong cangcaya
Mumun pasti milih didinya)

Ngagebray dunia jadi caang
Asa kugarenah pipikiran
Saré tibra dahar mirasa
Nyata cinta teu kabéh ningali dunya




Hatur nuhun.