Thursday, April 30, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Nining Meida - Talaga Reumis

Nining Meida - Talaga Reumis

Nining Meida - Talaga Reumis

Talaga Reumis
Talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut jangji

Pasini pakait ati

Pasimpai rasa satia
Duh bagja saksina talaga reumis

Talaga reumis 

Talaga endah romantis
Tempat urang ngumbar asih

Ngamprokeun rasa kasono

Nyacapkeun rasa katresna
Duh endah disisi talaga reumis

Disisi talaga reumis

Cinta mekar karembangan
Disisi talaga reumis
Carita pinuh mamanis

Disisi talaga reumis

Asih nyanding kabagjaan
Disisi talaga reumis
Nyipta rasa nu romantis

Urang anteng paduduaan

Mancing rasa asih kaheman
Useupna useup kageugeut
Umpanna geleng kadeudeuh

Nganggo jeujeur panghareupan

Ngantos geterna kukumbul kalbu
Sur ser rasa kasambut cinta
Tinambih bagja di talaga

Urang anteng paduduaan

Ngahaleuang tembang kasmaran
Ngahariring irih kaheman
Ngagalindeng langgam katineung

Lirih asih pamatih ati

Tembang tresna panyimpai rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga

Talaga Reumis

Talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut jangji

Pasini pakait ati

Pasimpai rasa satia
Duh bagja saksina talaga reumis

Disisi talaga reumis

Cinta mekar karembangan
Disisi talaga reumis
Carita pinuh mamanis

Disisi talaga reumis

Asih nyanding kabagjaan
Disisi talaga reumis
Nyipta rasa nu romantis

Urang anteng paduduaan

Mancing rasa asih kaheman
Useupna useup kageugeut
Umpanna geleng kadeudeuh

Nganggo jeujeur panghareupan

Ngantos geterna kukumbul kalbu
Sur ser rasa kasambut cinta
Tinambih bagja di talaga

Urang anteng paduduaan

Ngahaleuang tembang kasmaran
Ngahariring irih kaheman
Ngagalindeng langgam katineung

Lirih asih pamatih ati

Tembang tresna panyimpai rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga





Hatur nuhun.

Tuesday, April 28, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Dayu AG - Bray Caang

Dayu AG - Bray Caang

Dayu AG - Bray Caang

Pegat duriat
Peunggas harapan
Runtuh teu aya pisan guna na

Lir hayam disamber heulang

Asa rungkad bumi alam
Ngabuntu sagala laku

Langlayangan pegat tali na

Gumantung kana angin
Asa kumaha

Ter ter ter

Awak ngageter
Ngulisik ah hate ngulisik

Pegat duriat

Peunggas harapan
Runtuh teu aya pisan guna na

Kudu kumaha atuh

Nganggeuskeun sesa hirup
Pikiran pajurawat

Kahadean ayeuna 

Nimbang-nimbang rupa
Kahadean ayeuna
Nimbang-nimbang harta

Sing tiasa titip diri

Sadar sagala kagungan
Gusti robbul ijati

Bray
Bray
Bray bagja
Geura caang

Pegat duriat

Peunggas harapan
Runtuh teu aya pisan guna na

Langlayangan pegat tali na

Gumantung kana angin
Asa kumaha

Ter ter ter

Awak ngageter
Ngulisik ah hate ngulisik

Pegat duriat

Peunggas harapan
Runtuh teu aya pisan guna na

Kudu kumaha atuh

Nganggeuskeun sesa hirup
Pikiran pajurawat

Kahadean ayeuna 

Nimbang-nimbang rupa
Kahadean ayeuna
Nimbang-nimbang harta


Sing tiasa titip diri

Sadar sagala kagungan
Gusti robbul ijati

Bray
Bray
Bray bagja
Geura caang





Hatur nuhun.

Monday, April 27, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Nining Meida - Mojang Priangan

Nining Meida - Mojang Priangan

Nining Meida - Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan


Umat imut lucu


Sura seuri nyari
Larak lirik keupat
Mojang priangan


Diraksukan kabaya


Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan


Diraksukan kabaya


Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan


Mojang anu donto


Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang priangan


Gareulis maranis


Disinjang lalenjang
Estu suluk mun leumpang
Mojang priangan


Digigirna ge lenggik


Dihareupna ge sigep
Ditukangna lenjang
Mojang priangan


Diraksukan kabaya


Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan


Diraksukan kabaya


Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan


Mojang anu donto


Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang priangan






Hatur nuhun.

Sunday, April 26, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Kustian - Ema

Kustian - Ema

Kustian - Ema

Ema
Hampura abdi hampura
Diri
Rumasa tos seueur dosa

Ka Ema

Anu sakitu asihna
Kumaha
Mulangkeunana

Ema

Bukakeun lawang hampura
Diri
Sangkan pinanggih jeung bagja

Upami 

Salira teu ngahampura
Niscaya 
Hirup teu guna

Salapan sasih lamina

Abdi dikandung ku ema
Dugikeun kasiksa raga
Ema henteu ngarasula

Gubragna abdi ka dunya

Teu leupas ti jasa ema
Nu pinuh ku rasa ikhlas
Teu sirik narohkeun nyawa

Abdi bisa beunta

Ku kanyaah ema
Capetang nyarita
Ku asihna Ema

Ema

Abdi hampura

Ema

Bukakeun lawang hampura
Diri
Sangkan pinanggih jeung bagja

Upami 

Salira teu ngahampura
Niscaya 
Hirup teu guna

Salapan sasih lamina

Abdi dikandung ku ema
Dugikeun kasiksa raga
Ema henteu ngarasula

Gubragna abdi ka dunya

Teu leupas ti jasa ema
Nu pinuh ku rasa ikhlas
Teu sirik narohkeun nyawa

Abdi bisa beunta

Ku kanyaah ema
Capetang nyarita
Ku asihna Ema

Ema

Abdi hampura




Hatur nuhun.

Saturday, April 25, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Kustian - Budak Jalanan

Kustian - Budak Jalanan

Kustian - Budak Jalanan

Ceuk batur mah 
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan

Sabenerna hate ngarasa nalangsa

Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka dimana

Mun panas kapanasan

Mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan

Timana timana atuh timana

Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina

Ya Alloh paparin abdi pituduh

Na dimana kolot abdi teh ayana

Ceuk batur mah 

Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan

Sabenerna hate ngarasa nalangsa

Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka dimana

Mun panas kapanasan

Mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan

Timana timana atuh timana

Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina

Ya Alloh paparin abdi pituduh

Na dimana kolot abdi teh ayana

Timana timana atuh timana

Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina

Ya Alloh paparin abdi pituduh

Na dimana kolot abdi teh ayana

Timana timana atuh timana

Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina




Hatur nuhun.

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Doel Sumbang - Hanjakal

Doel Sumbang - Hanjakal

Doel Sumbang - Hanjakal

Janji urang rek saati
Moal pada ingkar
Moal rek sulaya

Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Kaduhung sagede gunung
Teu ngagugu omong indung
Papatah dianggap angin
Geuningan kieu jadina

Hate ceurik balilihan
Taya nu bisa ngubaran
Hate asa diwewejet
Rajet

Kudu kamana ngubaran diri
Kudu kumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kamana nya kumaha

Janji urang rek saati
Moal pada ingkar
Moal rek sulaya

Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Janji urang rek saati
Moal pada ingkar
Moal rek sulaya

Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Janji urang rek saati
Moal pada ingkar
Moal rek sulaya

Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Kaduhung sagede gunung
Teu ngagugu omong indung
Papatah dianggap angin
Geuningan kieu jadina

Hate ceurik balilihan
Taya nu bisa ngubaran
Hate asa diwewejet
Rajet

Kudu kamana ngubaran diri
Kudu kumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kamana nya kumaha

Kudu kamana ngubaran diri
Kudu kumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kamana nya kumaha

Kudu kamana ngubaran diri
Kudu kumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kamana nya kumaha

Kudu kamana ngubaran diri
Kudu kumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kamana nya kumaha




Hatur nuhun.

Friday, April 24, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Deddy Dores - Cinta Teu Saumur Kembang

Deddy Dores - Cinta Teu Saumur Kembang

Deddy Dores - Cinta Teu Saumur Kembang

Nalangsa aduh nalangsa
Lain ngimpi eneng ngantunkeun abdi
Rumasa akang nganyenyeri


Kumaha atuh kumaha


Nanggung hate nu beurat duriat
Mugi-mugi eneng mulih deui

Cinta akang teu saumur kembang


Tali asih hayang manjang
Emutkeun basa urang duduaan
Jangji sahuap lingkup
Kamana lautan hampura
Nu kapungkur mani ngagenclang


Kumaha atuh kumaha


Nanggung hate nu beurat duriat
Mugi-mugi eneng mulih deui


Cinta akang teu saumur kembang


Tali asih hayang manjang
Emutkeun basa urang duduaan
Jangji sahuap lingkup
Kamana lautan hampura
Nu kapungkur mani ngagenclang


Cinta akang teu saumur kembang


Tali asih hayang manjang
Emutkeun basa urang duduaan
Jangji sahuap lingkup
Kamana lautan hampura
Nu kapungkur mani ngagenclang


Cinta akang teu saumur kembang


Tali asih hayang manjang
Emutkeun basa urang duduaan
Jangji sahuap lingkup
Kamana lautan hampura
Nu kapungkur mani ngagenclang





Hatur nuhun.

Thursday, April 23, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Deddy Dores - Cinta Ibarat Kalangkang

Deddy Dores - Cinta Ibarat Kalangkang

Deddy Dores - Cinta Ibarat Kalangkang

Rumasa haté abdi geus kacangcang
Tali cinta anu mani pageuh pisan
Cinta ibarat kalangkang
Teu leupas tina émutan

Kunaon nembé ayeuna urang tepang
Kunaon atuh anjeun enggeus duaan
Haté kadung kabandang
Teu daya ngalih kanu lain

Hayang ngapung urang ngawang-ngawang
Nambang cinta di bulan sasarengan

Hayang ngajajarkeun bentang-bentang
Pager ayu keur urang duaan

Kahayang haté nu matak hariwang
Kembang cinta anu ngarias impenan

Cinta suci anu teu kasorang
Sakur dilamunan

Kunaon nembé ayeuna urang tepang
Kunaon atuh anjeun enggeus duaan
Haté kadung kabandang
Teu daya ngalih kanu lain

Hayang ngapung urang ngawang-ngawang
Nambang cinta di bulan sasarengan

Hayang ngajajarkeun bentang-bentang
Pager ayu keur urang duaan

Kahayang haté nu matak hariwang
Kembang cinta anu ngarias impenan

Cinta suci anu teu kasorang
Sakur dilamunan





Hatur nuhun.

Wednesday, April 22, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Darso - Peuteuy Ngora

Darso - Peuteuy Ngora

Darso - Peuteuy Ngora


Karumpul sadulur-dulur
Henteu kaliwat tatangga
Gumbira bari sarila
Ngantosan liwet nu asak

Beuleum peda tos sadia
Sambel tarasi dadakan
Dicoel ku peuteuy ngora
Nikmatna luar biasa

Bade teu nikmat kumaha
Bade teu pedo kumaha
Bade teu codem kumaha
Sarila jeung peuteuy ngora

Peuteuy ngora meunang ngala
Ngala ti kebon mitoha
Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan

Karumpul sadulur-dulur
Henteu kaliwat tatangga
Gumbira bari sarila
Ngantosan liwet nu asak

Beuleum peda tos sadia
Sambel tarasi dadakan
Dicoel ku peuteuy ngora
Nikmatna luar biasa

Bade teu nikmat kumaha
Bade teu pedo kumaha
Bade teu codem kumaha
Sarila jeung peuteuy ngora

Peuteuy ngora meunang ngala
Ngala ti kebon mitoha
Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan

Karumpul sadulur-dulur
Henteu kaliwat tatangga
Gumbira bari sarila
Ngantosan liwet nu asak

Beuleum peda tos sadia
Sambel tarasi dadakan
Dicoel ku peuteuy ngora
Nikmatna luar biasa

Bade teu nikmat kumaha
Bade teu pedo kumaha
Bade teu codem kumaha
Sarila jeung peuteuy ngora

Peuteuy ngora meunang ngala
Ngala ti kebon mitoha
Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan

Karumpul sadulur-dulur
Henteu kaliwat tatangga
Gumbira bari sarila
Ngantosan liwet nu asak

Beuleum peda tos sadia
Sambel tarasi dadakan
Dicoel ku peuteuy ngora
Nikmatna luar biasa

Bade teu nikmat kumaha
Bade teu pedo kumaha
Bade teu codem kumaha
Sarila jeung peuteuy ngora

Peuteuy ngora meunang ngala
Ngala ti kebon mitoha
Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan

Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan

Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan

Ku asa narikmat pisan
Peuteuy ngora duriatan







Hatur nuhun.