Thursday, April 30, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Nining Meida - Talaga Reumis

Nining Meida - Talaga Reumis

Nining Meida - Talaga Reumis

Talaga Reumis
Talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut jangji

Pasini pakait ati

Pasimpai rasa satia
Duh bagja saksina talaga reumis

Talaga reumis 

Talaga endah romantis
Tempat urang ngumbar asih

Ngamprokeun rasa kasono

Nyacapkeun rasa katresna
Duh endah disisi talaga reumis

Disisi talaga reumis

Cinta mekar karembangan
Disisi talaga reumis
Carita pinuh mamanis

Disisi talaga reumis

Asih nyanding kabagjaan
Disisi talaga reumis
Nyipta rasa nu romantis

Urang anteng paduduaan

Mancing rasa asih kaheman
Useupna useup kageugeut
Umpanna geleng kadeudeuh

Nganggo jeujeur panghareupan

Ngantos geterna kukumbul kalbu
Sur ser rasa kasambut cinta
Tinambih bagja di talaga

Urang anteng paduduaan

Ngahaleuang tembang kasmaran
Ngahariring irih kaheman
Ngagalindeng langgam katineung

Lirih asih pamatih ati

Tembang tresna panyimpai rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga

Talaga Reumis

Talaga nu jadi saksi
Waktos urang paheut jangji

Pasini pakait ati

Pasimpai rasa satia
Duh bagja saksina talaga reumis

Disisi talaga reumis

Cinta mekar karembangan
Disisi talaga reumis
Carita pinuh mamanis

Disisi talaga reumis

Asih nyanding kabagjaan
Disisi talaga reumis
Nyipta rasa nu romantis

Urang anteng paduduaan

Mancing rasa asih kaheman
Useupna useup kageugeut
Umpanna geleng kadeudeuh

Nganggo jeujeur panghareupan

Ngantos geterna kukumbul kalbu
Sur ser rasa kasambut cinta
Tinambih bagja di talaga

Urang anteng paduduaan

Ngahaleuang tembang kasmaran
Ngahariring irih kaheman
Ngagalindeng langgam katineung

Lirih asih pamatih ati

Tembang tresna panyimpai rasa
Lagu syahdu mepende kalbu
Ngahudang cinta di talaga





Hatur nuhun.

No comments:

Post a Comment