Sunday, May 31, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Evie Tamala - Bulan Sapotong

Evie Tamala - Bulan Sapotong

Evie Tamala - Bulan Sapotong

Asa garariung
Ngadangu jangjina
Anu Araramis
Tina lambey


Asa bararosen
Ngahampura manéhna
Nu resepna ngulang
Kasalahan


Dimana aya éndahna
Dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna haté
Taya lirenna


Bulan sapotong
Kiatkeun abdi kiatkeun
Buleudkeun haté
Leupas ti manéhna


Bulan sapotong
Datangkeun atuh datangkeun
Gaganti cinta
Anu langkung sagalana


Kembang cinta nu layu
Teu ngarep sirungan deui
Teu nyésa maruragan
Kabawa angin


Tali cinta nu putus
Teu ngarep rék nyambung deui
Haté tos cape 
Nyabaranna


Tinggal haté abdi
Meni bersih ti namina
Kabawa palid 
Ku ci panon


Asa garariung
Ngadangu jangjina
Anu Araramis
Tina lambey


Asa bararosen
Ngahampura manéhna
Nu resepna ngulang
Kasalahan


Dimana aya éndahna
Dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna haté
Taya lirenna


Bulan sapotong
Kiatkeun abdi kiatkeun
Buleudkeun haté
Leupas ti manéhna


Bulan sapotong
Datangkeun atuh datangkeun
Gaganti cinta
Anu langkung sagalana


Kembang cinta nu layu
Teu ngarep sirungan deui
Teu nyésa maruragan
Kabawa angin


Tali cinta nu putus
Teu ngarep rék nyambung deui
Haté tos cape 
Nyabaranna


Tinggal haté abdi
Meni bersih ti namina
Kabawa palid 
Ku ci panon





Hatur nuhun.

Saturday, May 30, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Hetty Koes Endang - Sesah Hilapna

Hetty Koes Endang - Sesah Hilapna

Hetty Koes Endang - Sesah Hilapna

Asa-asa 
Urang téh nembéan tepang
Aya kereteg
Haté dug-deg sur-ser 
Sesah hilapna
Gening bet sungkan papisah
Duh sesah hilapna

Kantenan
Urang téh nembéan tepang
Aya nu eunteup
Gerentes kadeudeuh
Sesah hilapna
Nyanding asih dina ati
Duh sungkan patebih

Ayeuna urang ngahiji
Geus jadi batur saati
Gumulung siang jeung wengi
Duh bagja nyanding asih

Teu kaop teu tepang sadinten
Teu kawawa ku rasa kangen
Teu beunang dipapalérkeun
Teu beunang dibébénjokeun




Hatur Nuhun.

Friday, May 29, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Hetty Koes Endang - Bongan Engkang

Hetty Koes Endang - Bongan Engkang

Hetty Koes Endang - Bongan Engkang

Mun ngalangkung 
Anjeun na tos alim tepung
Abong kéna lekasan
Paturay tineung

Mun ngalangkung

Anjeun na tos alim tepung
Pura-pura ngalieus
Miceun paneuteup

Bongan engkang 

Ka abdi jangji satia
Bongan engkang 
Ka abdi mungkas carita

Bongan engkang 

Ka abdi geuning sulaya
Bibilasan ka abdi
Téga ngantunkeun

Kanggo naon

Kapungkur kedah patepang
Kanggo naon
Upami kedah paanggang

Bongan engkang 

Ka abdi jangji satia
Bongan engkang 
Ka abdi mungkas carita

Bongan engkang 

Ka abdi geuning sulaya
Bibilasan ka abdi
Téga ngantunkeun

Mun ngalangkung

Anjeun na tos alim tepung
Abong kéna lekasan
Paturay tineung
Abong kéna lekasan
Paturay tineung




Hatur Nuhun.

Thursday, May 28, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Hetty Koes Endang - Aduh Manis

Hetty Koes Endang - Aduh Manis

Hetty Koes Endang - Aduh Manis

Duh-aduh manis 
Ku manjang
Imut nu gandang
Deudeuh karaosna
Asih sumanding mihéman

Geuning tumerapna

Rasa cinta
Geugeut pageuh
Moal bisa hilap
Cinta urang di tutugan

Duduh-aduh manis

Ka bandang
Imut nu gandang
Matak kapigandrung
Ku teuteup reujeung imutna

Tambah kapicangcam

Mun paamprok
Silih pencrong
Aduh-aduh manis
Mageuhkeun cinta duaan

(Waktos sareng di tutugan

Nu manis imut kareueut)
Soca deudeuh neuteup seukeut
Pameunteu anu marahmay

(Dua ati pada surti

Nyangreukeun deudeuh kameumeut)
Babarengan ngumbar tineung
Sauyunan

Duduh-aduh manis

Teuteupna reujeung imutna
Matak kapicangcam
Ku manis imut nu gandang

Duduh-aduh manis

Ka bandang
Imut nu gandang
Matak kapigandrung
Ku teuteup reujeung imutna

Tambah kapicangcam

Mun paamprok
Silih pencrong
Aduh-aduh manis
Mageuhkeun cinta duaan

(Waktos sareng di tutugan

Nu manis imut kareueut)
Soca deudeuh neuteup seukeut
Pameunteu anu marahmay

(Dua ati pada surti

Nyangreukeun deudeuh kameumeut)
Babarengan ngumbar tineung
Sauyunan

(Waktos sareng di tutugan

Nu manis imut kareueut)
Soca deudeuh neuteup seukeut
Pameunteu anu marahmay





Hatur nuhun.

Wednesday, May 27, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Hetty Koes Endang - Gulang Guling

Hetty Koes Endang - Gulang Guling

Hetty Koes Endang - Gulang Guling

Gulang-guling
Guguling deui
Hulang-huleng
Nyorangan deui

Anteng manteng 

Panutan ati
Nu geus lawas
Kaimpi-impi

Gulang-guling

Guguling deui
Cuang-cieung
Keueung sorangan

Nganti-nganti

Ceungceuman ati
Nu geus lawas
Taya ngiberan

Geura jol sumping

Nu ngampleng
Tong lami teuing
Kesel ngantosan
Kunaon taya ngiberan

Geura jol sumping

Jungjunan
Tong lami teuing
Hoyong nepangan
Teu wasa guling gasahan

Gulang-guling

Guguling deui
Hulang-huleng
Nyorangan deui

Nyipta ngimpleng

Nganti panutan
Aduh-aduh
Guguling deui

Gulang-guling

Guguling deui
Cuang-cieung
Keueung sorangan

Nganti-nganti

Ceungceuman ati
Nu geus lawas
Taya ngiberan

Geura jol sumping

Nu ngampleng
Tong lami teuing
Kesel ngantosan
Kunaon taya ngiberan

Geura jol sumping

Jungjunan
Tong lami teuing
Hoyong nepangan
Teu wasa guling gasahan

Gulang-guling

Guguling deui
Hulang-huleng
Nyorangan deui

Nyipta ngimpleng

Nganti panutan
Aduh-aduh
Guguling deui



Hatur Nuhun.

Tuesday, May 26, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Evie Tamala - Kantong Hate

Evie Tamala - Kantong Hate

Evie Tamala - Kantong Hate

Kantong haté dina jero dada
Aya jangji-jangji urang duaan
Kantong haté dina jero dada
Nyimpen rusiah-rusiah duaan

Kanyaahna kamelangna

Matri pageuh
Nyimbutan duriat urang

Kanyaahna kamelangna

Nandakeun rasa cinta
Cinta duaan

Kantong haté dina jero dada

Aya jangji-jangji urang duaan
Kantong haté dina jero dada
Nyimpen rusiah-rusiah duaan

Bulan nu nyaangan

Béntang nu baranang
Saksi nyata mimitina 
Cinta urang

Bulan nu nyaangan

Béntang nu baranang
Ngaping rasa
Rasa cinta nu duaan

Dina kantong haté

Aya ngajangji
Dina kantong haté
Rusiah duaan

Kantong haté dina jero dada

Aya jangji-jangji urang duaan
Kantong haté dina jero dada
Nyimpen rusiah-rusiah duaan

Kanyaahna kamelangna

Matri pageuh
Nyimbutan duriat urang

Kanyaahna kamelangna

Nandakeun rasa cinta
Cinta duaan

Kantong haté dina jero dada

Aya jangji-jangji urang duaan
Kantong haté dina jero dada
Nyimpen rusiah-rusiah duaan

Bulan nu nyaangan

Béntang nu baranang
Saksi nyata mimitina 
Cinta urang

Bulan nu nyaangan

Béntang nu baranang
Ngaping rasa
Rasa cinta nu duaan

Dina kantong haté

Aya ngajangji
Dina kantong haté
Rusiah duaan

Bulan nu nyaangan

Béntang nu baranang
Saksi nyata mimitina 
Cinta urang

Bulan nu nyaangan

Béntang nu baranang
Ngaping rasa
Rasa cinta nu duaan





Hatur nuhun.

Monday, May 25, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Evie Tamala - Micinta

Evie Tamala - Micinta

Evie Tamala - Micinta

Cinta kuring ka anjeun na
Nu tetep manteng
Dina rasa duh
Anjeun nu jadi lamunan
Da buktosna émut baé

Cinta kuring ka anjeun na
Nu tetep manteng
Dina haté duh
Anjeun nu jadi impian
Da buktosna émut baé

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang pujaan
Nya anjeun enggeus bibilasan
Nya anjeun luas iklas pipisahan

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang harepan
Nya anjeun enggeus ngajauhan
Nya anjeun luas iklas pipisahan

Cinta kuring ka anjeun na
Ku hanjakal boa laksana
Mungguh geus lain mangsana
Cinta geus aya nu boga

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang pujaan
Nya anjeun enggeus bibilasan
Nya anjeun luas iklas pipisahan

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang harepan
Nya anjeun enggeus ngajauhan
Nya anjeun luas iklas pipisahan

Cinta kuring ka anjeun na
Ku hanjakal boa laksana
Mungguh geus lain mangsana
Cinta geus aya nu boga

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang pujaan
Nya anjeun enggeus bibilasan
Nya anjeun luas iklas pipisahan

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang harepan
Nya anjeun enggeus ngajauhan
Nya anjeun luas iklas pipisahan

Nya anjeun kembang impian
Nya anjeun kembang pujaan
Nya anjeun enggeus bibilasan
Nya anjeun luas iklas pipisahan





Hatur nuhun.

Sunday, May 24, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Evie Tamala - Rungsing

Evie Tamala - Rungsing

Evie Tamala - Rungsing

Kalimpudan indung peuting
Nungadingding
Réhé simpé taya sora
Nusumanding

Lir poékna haté abdi
Rungsing pusing
Gulang guling
Dikamar nyorangan

Hawar-hawar ngagelikna
Sora suling
Jiga-jiga nu ngajakan
Ngahariring

Ngirim béja-béja haté
Ti panutan
Diri gering mikiran
Nu didagoan

Poé deui minggu deui
Bulan deui
Taya hibar panglilipur
Timanehna

Kembang-kembang nu nyambuang
Ngadalingding
Kiwari tos
Ngawitan layu muguran

Lara diri
Balas mikiran panutan
Bati nyeri
Taya pisan papadana

Kalimpudan indung peuting
Nungadingding
Réhé simpé taya sora
Nusumanding

Lir poékna haté abdi
Rungsing pusing
Gulang guling
Dikamar nyorangan

Hawar-hawar ngagelikna
Sora suling
Jiga-jiga nu ngajakan
Ngahariring

Ngirim béja-béja haté
Ti panutan
Diri gering mikiran
Nu didagoan

Poé deui minggu deui
Bulan deui
Taya hibar panglilipur
Timanehna

Kembang-kembang nu nyambuang
Ngadalingding
Kiwari tos
Ngawitan layu muguran

Lara diri
Balas mikiran panutan
Bati nyeri
Taya pisan papadana





Hatur nuhun.

Saturday, May 23, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Evie Tamala - Tunggara

Evie Tamala - Tunggara

Evie Tamala - Tunggara

Kasaha nyalindung
Nandakeun nguyung
Gering ngalanglayung

Kasaha abdi muntang

Diri nunggelis
Hirup nyorangan

Cuang cieung

Abdi keueung
Gupuy gapay
Taya pamuntangan

Cuang cieung

Abdi keueung
Takdir diri
Pinanggih kapeurih

Engkang rék saati

Engkang rék satia
Engkang jalir jangji
Luas bibilasan

Engkang badé béla

Engkang badé nyaah
Engkang nu sulaya
Téga pepegatan

Cinta engkang

Saliwatan
Asih engkang
Ukur pupulasan

Cinta engkang

Luncat mulang
Asih engkang
Nu mawa tunggara

Engkang rék saati

Engkang rék satia
Engkang jalir jangji
Luas bibilasan

Engkang badé béla

Engkang badé nyaah
Engkang nu sulaya
Téga pepegatan

Cinta engkang

Saliwatan
Asih engkang
Ukur pupulasan

Cinta engkang

Luncat mulang
Asih engkang
Nu mawa tunggara








Hatur nuhun.

Monday, May 18, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Hetty Koes Endang - Jalan Braga

Hetty Koes Endang - Jalan Braga

Hetty Koes Endang - Jalan Braga

Jalan Braga jalan intelék
Tidak boléh masuk kéréték
Béca, roda, bémo, honda
Jalan na muter
Ter datang ti kalér
har kaburu lieur

Jalan Braga mobil plat beureum

Perhiasan emas na reunceum
Tahan harga jaga géngsi
Meuli tarasi
Duh kukurilingan
Har teu beubeunangan

Jalan Braga tempat shopping jalma gedé

Soal harga itu mah soal sepélé
Komo lamun gratis
Pamér mode nu gareulis
Dulak-dilak ucak-aceuk
Nu nénjokeun panas tiris

Jalan Braga teuteup teu robah

Teu kalideu tahan sajarah
Gunta-ganti henteu niru
Cara nu séjén
Tuh jalan nu patén
Héy jalan konsékuén

Jalan Braga heurin ka gigir

Satengahna béak ku parkir
Pareng macét lalu lintas
Hésé rék mundur
Duh baeud nu ngatur
Keun wayahna sabar

Jalan Braga jadi jalan kelas hiji

Jadi catur pangimpian urang sisi
Pusat perdagangan
Urat nadi kota kembang
Pageuh kuat Jalan Braga
Ngarojong ka balaréa

Jalan Braga teuteup teu robah

Teu kalideu tahan sajarah
Gunta-ganti henteu niru
Cara nu séjén
Tuh jalan nu patén
Héy jalan konsékuén

Jalan Braga heurin ka gigir

Satengahna béak ku parkir
Pareng macét lalu lintas
Hésé rék mundur
Duh baeud nu ngatur
Keun wayahna sabar

Jalan Braga jadi jalan kelas hiji

Jadi catur pangimpian urang sisi
Pusat perdagangan
Urat nadi kota kembang
Pageuh kuat Jalan Braga
Ngarojong ka balaréa




Hatur nuhun.