Tuesday, May 12, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Rika Rafika - Bangbung Hideung

Rika Rafika - Bangbung Hideung

Rika Rafika - Bangbung Hideung

Bangbung hideung
Bara-bara teuing diri
Leuheung bari dianggo ka Sukagalih
Situ pinuh balong jero
Bebendon sareng bebendu unggel ti
Salira juag awi téh pangajul buah
Lantaran ti kitu

Sora bedil luhur méga paripaos
Teu paya lepat saeutik
Diri abdi ka gamparan

Eéh Banondari
Nu geulis kawanti-wanti
Nu éndah na malih warna puputan kembang kadaton
Jungjunan

Lamun teu kauntun tipung
Katambang béas laksana kapiduriat
Matak paéh ngabalé bangké
Matak édan leuleuweungan
Matak paéh ngabalé bangké
Matak édan leuleuweungan
Matak paéh ngabalé bangké
Matak édan leuleuweungan

Aduh alah iyeung da leuleuweungan
(Aso aso lali wao wao waéng)
(Aso aso lali wao wao waéng)

Aya ucap paribasa
Sarung bantal mungguh cipruk
Séép sapu tangan hiji
Ceurik balas ku nalangsa
Abdi nalangsa

Nguping hujan tengah wengi
Di imah keueung sorangan
Nguping hujan tengah wengi
Di imah keueung sorangan
Di imah keueung sorangan

Nyangigir asa gigireun
Nangkarak asa luhureun
Nyangigir asa gigireun
Nangkarak asa luhureun

Aduh alah iyeung asa luhureun
(Aso aso lali wao wao waéng)
(Aso aso lali wao wao waéng)

Jung nangtung asa lalanjung
Gék diuk asa tiguling
Leumpang asa da ngalongkéwang





Hatur nuhun.

No comments:

Post a Comment