Monday, May 11, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Yayan Jatnika - Ulah Ceurik

Yayan Jatnika - Ulah Ceurik

Yayan Jatnika - Ulah Ceurik

Cag didieu cag samet dieu
Lalakon cinta nu urang
Tep, antepkeun tong diguar deui
Caria cinta nu pegat

Najan ngagandrung sagunung

Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Ahirna urang papisah, pisah

Pék kasaha ka urang mana

Geura milari gentosna
Jig ka kidul jig ka kalér
Kulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan

Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain-lain na, lain

Ulah ceurik

Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bida kumaha

Ulah ceurik

Tong diceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan haté masih beurat
Pileuleuyan pileuleuyan
Hampura akang hampura

Pék kasaha ka urang mana

Geura milari gentosna
Jig ka kidul jig ka kalér
Kulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan

Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain-lain na, lain

Ulah ceurik

Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten randa
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bida kumaha






Hatur nuhun.

No comments:

Post a Comment