Saturday, May 30, 2015

Download dan Lirik Lagu Pop Sunda - Hetty Koes Endang - Sesah Hilapna

Hetty Koes Endang - Sesah Hilapna

Hetty Koes Endang - Sesah Hilapna

Asa-asa 
Urang téh nembéan tepang
Aya kereteg
Haté dug-deg sur-ser 
Sesah hilapna
Gening bet sungkan papisah
Duh sesah hilapna

Kantenan
Urang téh nembéan tepang
Aya nu eunteup
Gerentes kadeudeuh
Sesah hilapna
Nyanding asih dina ati
Duh sungkan patebih

Ayeuna urang ngahiji
Geus jadi batur saati
Gumulung siang jeung wengi
Duh bagja nyanding asih

Teu kaop teu tepang sadinten
Teu kawawa ku rasa kangen
Teu beunang dipapalérkeun
Teu beunang dibébénjokeun




Hatur Nuhun.

No comments:

Post a Comment